HBH KUSNET 2005 VILLA BATAN, CIPANAS, PUNCAK Sabtu-Minggu, 26-27 Nopember 2005 Nyawang ririuangan di Villa Batan teh, tisaprak gabung di milist Kusnet 2 sasih kapengker. Ceuk pikir resep sigana, bisa riung mungpulung jeung dulur sagetih Sunda. Nya tidinya, ngahaja, sim kuring teu nyieun jadwal kamamana, husus kanggo kaping 26 Nopember 2005. Poe Saptu tanggal 26 Nopember, hawa kacida nyecepna, ti subuh janari leutik hujan ngecrek teu eureun-eureun. Teu asa cicing di puseur Indonesia nu sabiharina ngelekeb malah bisa nepika luut leet kesang sanajan wanci isuk-isuk. Haritamah tara-tara tisasari sim kuring dugi ka ngahodhod kabulusan. Angkohnamah dibulen simbut deui, ngan pan emut dinten harita teh bade aya riungan, nyacapkeun kasono sareng Kusnet, kapaksa tatan-tatan, bari lieuk deui lieuk deui kana hape, da eta ngantosan warta ti teh titi, nembe sareng anjeuna sim kuring kenal. Eta oge rehna aya riungan di salah sahiji milist. Ku anjeuna oge sim kuring dikenalkeun ka US teh.
Hujan masih keneh ngarekecek basa sim kuring mios ti rorompok teh. Sanaos jibrug bari jeung tiris na nataku, sim kuring dibarengan sumanget 45 norobos hujan, bari disawang, Cawang oge sakieu tirisna, kumaha di ditu nya? Tapi teu ngajantenkeun pondok pangharepan. Da yakin pisan pasti bakal resep. Janjian sareng teh titi saparakanca teh, di palihditueun UKI, saaotos torowongan nu bade ka arah tol TMII Bogor. Teu raos oge, aranjeuna ngantosan rada lami. Hapuntena nya ka teh titi sareng nu sanesna.
Geuning tebih nya Cawang-Cipanas teh. Sanaos harita teu patos macet, mung hujan sajajalan ngajantenkeun teu aya hiji oge tutumpakan nu kersaeun ngebut, etamah neang neang picilakaeun. Janten rada ngeteyep si mobil teh. Abong teu aya nu nyandak denah lokasi, atuh rada lieur mendakan villa Batan teh. Saterasnamah tos tiasa kaaos panginten nya? Muhun, teu lepat eta teh, nyasab dugi ka Cipanas na, pami teu enggal-enggal nelepon Kang Ndoell harita, tiasa labas dugi ka Cianjur sigana, hehehe. Saena teh titi tiasa ngabeberah manah, saurna teh, pami angkat-angkatan teu nyasab, teu rame, moal aya dongengkeuneun. Euleuh eta, aya-aya bae teh titi mah :D. Nya kapaksa muter balik, bari sadayana serieus merhatoskeun jalan, sieun kalangkung deui pengkolan ka Kota Bunga. Mucekil oge geuning ari tataros mah, Alhamdulillah kirang langkung tabuh hiji, rombongan Cikarang (sim kuring mahiwal hiji ti Cawang :-p) dugi oge di villa Batan nu sakitu genah merenah. Kutan tos seueur nu sumping. Dongkap-dongkap tos ditawisan makan siang, atuh puguh atoh da lapar tatadi. Kitu geuning nya ari tiris mah, hawana teh lapar wae. Duka tos ti dituna siga kitu :D. Katembong pamenteu-pamenteu enggal pikeun sim kuring mah, da nembe harita pisan atuh paamprok jonghok sareng Kusnet teh. Mung tiasa neuteup sareng ngabelenyeh bari sakapeung patarema panangan nepangkeun, ngawani wani maneh. Nyaan, meni balageur. Asa jeung kulawarga teges pokonamah. Ngawitan pada terang teh, basa seksi acara, Kang Ikmal, Ambu Nenny sareng Teh Imas ngayakeun acara wawanohan nu ‘teu biasa’. Saurang-saurangna dipasihan kertas sacewir nu eusina sarupaning lagu Sunda. Tos geumpeur nu aya, sugan teh bade dipiwarang nyanyi. Sanes nanaon, puguh mah teu apal (ngisinkeun puguh oge ieu teh). Untungna teh sanes. Da geuning mung dipiwarang milari balad nu judulna sami bari gegerendengan. Nu aya boro-boro gegerendengan nyanyi, langsung bae ditaros hiji-hiji judulna naon. Hehehe niron. Punten ah! Ambu!
Rengse makan siang.....Aya pamundut ti Megaswara tv, supados Kusnet ngawilujengkeun ka tipi eta nu bade ngajomantara munggaran dina sasih Januari 2006. Tuluy bararis, sanajan bari hese diaturna teh da loba wae heureuy...pengarah acara-na kang Ikmal...Bari dikomandoan ku Apih Siddik, sadayana ngajorowok : “Kusnet, Komunitas Urang Sunda di Internet ngahaturkeun wilujeng ngajomantara ka .... Megaswara tipiiiiii.....Tipina urang Bogooooooooooooor” Antosan di sasih Januari urang jadebotabek pasti tiasa ningali urang Kusnet na tipi...Asik eung! Bakal aya na tipi yeuh, hehe. Beres eta, aya deui acara wawancara Ngeunaan Kusnet...presenterna nyaeta Teh Fanny, istrina Kang Adi Pituin, juragan onta tea, nu ngintun korma sa treuk siganamah da ampir kabagean sadaya :D
Kasontena keun mah komo. Saatos ngariung janten sababaraha kelompok, langkung haneuteun, tiap kelompok ngadaramel yel. Dugi ka kaulinan paciwit-ciwit lutung, nu panglamina juara. Nya kaleresan kelompok sim kuring pisan nu kenging na teh. Sorban Palid! Teu sapati-pati diayakaeun eta kaulinan mun teu aya maksud nanaon, kitu saur Ambu Nenny. Muhun nya. Geuning kaulinan oge aya pilosopi na. Paciwit-ciwit lutung oge ngandung siloka yen dina hiji riungan, kelompok, leutik atawa gede, ari pondasina kuat mah, moal nepi ka urug, sanajan gogodana loba (leres kitunya? Pabeulit, hehe). Teu acan nyusun kalimat, nu matak pikaseurieun wungkul. Sareng eta tah perepet jengki, pilosopina kebersamaan nya siganateh.
Seueur pisan nu hoyong diserat ngeunaan HBH Kusnet kamari. Mung bakating ku seueur janten barieukeun. Janten sesah dicarioskeun nana oge. Nu pastimah kapatri na emutan HBH di villa Batan teh. :) Leres pisan, haratis teh ku sagala-gala puguh oge. Haturnuhun ka Apih Siddik sakulawargi, tiasa kenal sareng putrana nu jenengan neng Nani (aya ku reueus, ari pamenteu pamenteu bule, namina Sunda pisan, :) ). Basa mios nebeng ka rerencangan na teh Gia sareng teh Titi. haturnuhun ka kang Ade, teh Jenny, teh Opin, sareng teh Ami, oge teh Ida (punten pangdugikeun nya teh gia atanapi teh titi ka aranjeuna). Atuh kitu deui basa wangsul, tiasa ngiring sareng Kang Hendri. Nuhun kang!
Salangkungna ti eta, tiasa terang ka MJ, nu baruk teh, teu mung saukur sa Itenas, anjeuna oge lanceuk angkatan sim kuring di SMA. Sami-sami alumni SMA 1 Ciamis. Dunya teh samporet nyaan, hehehe. Nuhun tos diangken! Atuh tiasa terang oge ka Kang Maman Gantra, wartawan senior nu parantos masihan komentar seratan sim kuring sababaraha waktos kapengker tea. Mung hanjakal teu kabujeng ngobrol panjang, isin babakunamah, :D. Atuh tiasa terang ka Ambu Nenni, Kang Ndoell, Kang Ikmal, Teh Ani, Teh Ipup, Teh Iva, Teh Imas, Teh Mia, Uwa Tito, Kang Ahmad Gunawan, Kang Runa, Uwa Sas (sanaos mung sakedap), jrrd.
Resep, reueus, bingah amar wates suta. Sim kuring nu nembe lebet US kana dua sasihan, tos tiasa ngempel, tiasa kenal sareng kulawargi sagetih Sunda nu leres-leres panampiana teu asa jeung jiga nu anyar pendak, nu anyar wawuh. Leres-leres siga tepang sareng dulur nu tos lami kenal, nu tos loma lila. Padahal sanyatana sim kuring nembe terang ka teh Titi wungkul sateuacanna, tepang sareng teh Gia oge pas sareng dina mobil basa mios. Tapi saatosna dongkap ka Villa Batan, nambihan seueur dulur teh. Sanaos ngawitanana mah rada humar hemir oge, rempan ku sugan, bilih bisi teu tiasa ngalomakeun maneh. Mung Alhamdulillah, sakumaha tadi tos disanggemkeun ku sim kuring, sadayana someah darehdeh teu matak pikaisinin (minder...)
Hiji deui, nuhun kanggo ka Neng Erlin ti Gentra Kaheman IPB, nu tos ngenalkeun kaulinan Gebragan nganggo kartu remi. Meni dugi ka ngesang tuda ge sakitu hawa nyecep teh ( Antukna janten teu terang aya nu 'candle light dinner' :D). Siga nu maen nanahaon wae, hehehe. Neng Erlin sigana wawar ka rerencanganana 'pireus' Gebragan 'nyebar' dugi ka HBH, heuheu...
Biru Laut, 14 Desember 2005, 6.00 sonten
|